SMAN 1 Pacet 2017/2018

Seri khas Basa Sunda Sakola Anu Dipikacinta.




SMAN 1 Pacèt nyaèta hiji sakola anu lokasina aya di Ds. Sukanagalih Kec. Pacét Kab. Cianjur. Ieu mangrupakeun hiji tina lima sakola anu aya di Cianjur kalér nyaéta SMAN 1 Sukaresmi, MAN 2 Cianjur, SMK Pacét, & SMK Cipanas. Sakola ieu didirikeu taun 2002, anu mana basa éta bangunanna masih ngiringan ka SMPN 1 Cipanas. SMAN 1 Pacét nembé gaduh bangunan nyalira taun 2004 bareng sareng diresmikeun janten sakola negeri ku Bupati Cianjur. Tina 8 standar nasional, sarana sareng pra-sarana di SMAN 1 Pacét cukup memadai, ditutur ku Bapa Sofyan salaku kasiswaan di SMAN 1 Pacét sarana sareng pra-sarana di sakola ieu sakedik-sakedik diomékeun, ti kawit ruang kelas, lab IPA, lab komputer, jeung sajabina tos ngawitan lengkap.
Anjeuna nutur yén éta kayaan téh disebabkeun ku sabaraha rupa faktor. Faktor internal anu ngaruh kana perkembangna SMAN 1 Pacét (disebut deui SMANPA) nyaéta ku ayana peran sadaya warga sakola. Anjeuna nutur yén hadé-goréngna sakola kedah dimumulé sasarengan. Teras faktor eksternal-na kedah aya kerjasama ogé ti Pamaréntah, ti orang tua, sareng masyarakat umumna. Jenten kedah aya kerjasama ti sadayana sangkan ieu SMANPA téh tiasa langkung saé saantéro Cianjur.
Taun ajaran 2017/2018 ayeuna siswa-siswi anu katampi di SMANPA kirang-langkung aya 200 urang. Ditambih 200 siswa-siswi anu aya di sakola terbuka. Anjeunna nutur yén SMANPA téh gaduh sakola terbuka anu aya di 7 TKB ( Tempat Kegiatan Belajar ) nyaéta di Gékbrong, Cimacan, Gadog, Kawung Luwung, Ciloto, sareng Sindang Jaya. Dina kirang-langkung aya 400 siswa anu aya di kelas X éta, jelas tangtu janten hiji PR kanggo kasiswaan sareng pembina kanggé ngadidik. Anjeuna nutur Insya Allah upami ditatan-tatan soson-soson ngadidik siswa Insya Allah janten siswa-siswi anu dipikahoyong ku urang sadaya.
Dina segi Préstasi akademis atawa non-akademis, SMANPA tiasa bersaing sareng sakola anu sanés anu utamina di Cianjur kalér, nyaéta MAN 2 Cianjur, SMKN 1 Pacét, SMKN 1 Cipanas, sareng SMAN 1 Sukaresmi. Préstasi terakhir anu diraih ku siswi SMANPA nyaéta atas nami Néng Kurniasih. Néng Kurniasih kantos janten jawara ka-2 tina lomba stand-up comedy di tingkat Provinsi Jawa Barat sareng PASKIBRA anu tangtos ngangkat nami SMANPA di Provinsi Jawa Barat. Teras anu sajabina, diantarana jawara O2SN, OSN, sareng, FLS2N anu banget dijunggemakeun ku SMANPA.
Anjeuna nutur aya 3 faktor anu ngaruh kana préstasi di sakola, nyaéta:
1.    Pembina, kawitan ti Guru dugika Sénior éta tangtos ngaruh pisan kanggé ngabina para kandidat.
2.    Program, kedah leres sareng kedah berkesinambungan sareng konsistén.
3.    Kabijakan, contona masihan dispénsasi ka siswa anu terlibat sareng masihan anggran anu ngadukung.

Kanggé ngembangkeun ieu SMANPA, Bapa Sofyan salaku kasiswaan nutur yén kanggé SMANPA anu langkung saé kapayuna, kahiji urang ninggali visi-misi nyaéta Suksés Unggulan kanggé ningkatkeun kegiatan belajar di SMANPA. Kadua, ditinggali tina Rencana Kerja. Program-program SMANPA kapayuna tos disusun didinya sadayana. Tangtos sadaya unsur di sakola kedah ngadukung kana program anu parantos disepakati ku urang sadaya kanggé SMAN 1 Pacét anu langkung saé.

P.S Artikel mangrupa hasil wawancara 

Untuk kritik dan saran silakan kirim di komentar atau di sosial media:
Twitter : @rizkiismail9a
Fb: Muhamad Rizki Ismail
E-Mail: muhamadrizkiismail9a@gmail.com

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Lambang Kekuatan BoBoiBoy

Kumpulan Gambar BoBoiBoy Animasi Bergerak

Penglihatan Mata Kucing